Laman

Minggu, 24 Februari 2013

Geneup Perkara Anu misti dipikasieun ku jalma Mukmin



Geneup Perkara Anu misti dipikasieun ku jalma Mukmin

            Hadirin sidang jumat anu sami-sami mikareup ridho Allah SWT. Puji jeung syukur urang sami-sami panjatkeun ka gusti Allah SWT anu parantos masihan urang sadaya nikmat iman sinareung nikmat Islam, sebab ku nikmat eta urang tiasa nyumponan parentah-Na mangrupa sholat jumat berjamaah di masjid urang sadaya.
            Hadirin sidang jumat rohimakumullah, sakumaha rukun khutbah jumat nu katilu, khotib wasiat ka diri khotib pribadi khususna umumna kasadaya na, hayu urang tingkatkeun takwaan jeung kaimanan urang ku ngajalankeun parentah-Na. Dina hal iyeu hayu urang ngemutan kan nikmat Allah SWT, ku jalan nyukuran kana sadaya ano parantos di pasihan kaurang. Jalma mukmin pasti ngarasa bungah kana nikmat anu di pasihan ku Allah, jeung saestuna urang oge kudu sieun kana siksa gusti Allah, sareung kudu sieun kana geneup perkara anu parantos dicarioskeun ku sahabat Utsman bin Affan r.a :
1.      Urang kudu sieun ka gusti Allah, bisi urang dicabut nyawa teu aya dina ka ayaan iman. Paur lamun ngemut kana ucapan iyeu, sebab teu aya jalmi anu tiasa nentukeun iraha, dimana maot na, hade apa awon, apa tiasa nyandak iman atanapi henteu. Mun gusti Allah nu Maha Suci anu uninga kana sakabeh padamelan urang boh nuh hade atanapi nu  goreng.
2.      Urang kudu sieun malaikat Atid nyatet amal goreng urang jeung dibeberkeun di akhirat kalawan ngerakeun ka diri urang. Ningal kana ucapan eta urang kudu mawas diri, sing ati-ati, apa urang teh tos seueuran amal hade apa amal goreng na, beh di pikirkeun, margi di akherat bakal ditempokeun amal urang kasasama jalma anu sanes sa alam dunya. Isin kacida upami amal goreng anu lewih gede tinimang amal hade urang.
3.      Urang kudu sieun yen setan tos ngaruksak kana amal hade urang. Hal iyeu seueur dilakonan ku jalma jaman kiwari kasebab gogoda setan, umpama na ngarasa amalna hade, ria dina sodakoh, ujub dina pagawean, ngarasa pang bener na, ngaraos pang gagah na. Padahal  Pagawean nu kararitu bakal nyemplungkeun urang kana pagawean percuma jeung teu aya nilai na, kusabab nilai ganjaran urang ka hapus ku kereteg hate anu teu ikhlas atanapi lain semata-mata milarian karidhoan Allah SWT.
4.      Urang kudu sieun ku malaikat Izrail, bisi urang dicabut nyawa kalawan teu eling ka gusti Allah SWT. Hal iyeu bakal ngajadikeun urang kana maot su’ul khotimah(maot goreng tungtung na) kusabab teu eling ka gusti Allah SWT. Teu saeutik jalma nu maot na su’ul khotimah atanapi goreng tungtung na. Ku margi kitu supaya urang maot dina kaayaan husnul khotimah, cek sapalih keterangan urang kudu nyeuerkeun ngaos tahlil sareung sholawat ka kanjeung rosul.
5.      Urang kudu sieun, bisi dunya nyieun  urang leleuwiheun dina urusan dunya sahingga urang hilap ka urusan akherat. Loba jalma jaman ayena nu mentingkeun dunia katimang akhirat, padahal saestuna akherat eta leuwih agung darajat na di payuneun Allah. Sakumaha pidawuh Allah SWT:
Anu hartosna “tingal  ku anjen hey Muhammad sakumah kaula ngaleuwihkeun sabagian ti sabagian nu lain. Saestuna akhirat eta leuwih agung derajatna jeng leuwih agung ka utamaan na”.
            Hadirin sidang jumat anu ariman. Akherat iyeu alam kalanggeungan anu moal aya bateus na. Beda jeng dunya alam anu di dameul ku gusti Allah SWT aya tungtung na, ku margi kitu kahirupan akherat leuwih utama di payuneun Allah tinimang dunya. Teu saeutik di alam akherat engkin cek kanjeng Nabi SAW loba jalma anu rugi kacida nyeseul, kusabab eta jalma keur di dunya na teu tiasa milarian kahadean kanggo bekeul di akherat.
6.      Urang kudu sieun yen keluarga urang teh bakal nyieun sibuk urang dina urusan dunya, sahingga urang hilap ka gusti Allah SWT. Hal sapertos kiyeu loba di alaman ku jalma jaman ayeuna, teu saeutik jalma momohokeun kana ibadah nu wajib ngabelaan anak pamajikan, bari ninggalkeun sholat, puasa, jeng saterusna. Padahal eta euweuh manfaat na pikeun anjeun na komo anak pamajikan. Hal sapertos kitu lain karunya ka keluargi, malah ngajadikeun anak, pamajikan sareng harta anu ku urang di pilarian teh malah jadi fitnah atanapi cobaan anu bakal nuntut urang di poe kiyamat jeung baris nyemplungkeun urang ka seuneu naraka lamun urang teu tiasa ngawaleuran na. Sakumaha pidawuh Allah SWT dina Al-Quran:
Anu hartosna: “kanyahokeun ku anjen saestuna anak jeung harta banda aranjeun teh bakal jadi fitnah”.
Hadirin jamaah jumat anu ariman. Tina hal geneup eta di luhur dina salasa wiji riwayat Ibnu Mas’ud sok ngabiasakeun ngadoa:
Anu hartosna: “ Hay Gusti Allah, kaula nyuhunkeun ka Anjen kaimanan anu teu acan patukeur jeung kakufuran, sareung kanikmatan anu teu acan se’ep, sareung kabubungah anu teu aya akhir na, sareng kanikmatan kanggo ngabareungan kanjeng Nabi Muhammad SAW di surga anu luhur sareng langgeung salawas na.
Mudah-mudahan ku di beberkeun nana geneup perkara anu ku urang di pikasieun eta, Allah SWT tiasa ngahindarkeun kana sakabeh sifat anu goreng ti diri urang sarerea, jeung Allah SWT ngajanteunkeun iman urang anu regreg, sareng takwa anu istiqomah kana naon bae anu diparentahkeun ku gusti Allah SWT kalawan ngalakonan ibadah na sampurna sareng di kobul. Amin ya robal ‘alamin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar